Super Moon
Pak Adah Sulaeman
BEDA ti sasari, bulan peuting tadi ngajeblag luhureun tarang. Nini Anteh nilepan sulaman beunang sataun campleng. Meunang hese. Sulaman pinuh ku jampe pamake. "Mpus, geura longok sia ka dunya, naha araya keneh manusa nu inget kana lamokotna dosa! Geura anteurkeun ieu sulaman ka pangagung dunya. Sugan bisa nyimbutan sagala munapek jeung kabohongan rahayat nu biluk ka manehna. Kahade tong waka dibejakeun bisi geumpeureun, yen sakeudeung deui amparan dunya bakal ditilepan. Keun sina anteng kokojayan dina sagara kanimatan nu pinuh ku tandatanya. Jaga bakal karasa, kaduhung reujeung kaduhung." Bulan ngeureuceum heula kacangreud ku tali gaib. Jangjang peuting nuruban mabrana. Bray deui. Caang deui. "Mpus, tong waka dikotektak kasalahan manehna. Nu kawasa tara nanggeuy ti bongkokna." "Mpus, bejakeun, bulan gede teh totonden, yen kami tereh anjang-anjangan di dunya!"**