E-PAPER
Sabtu, 12 April 2014
Golongan Bodas
Noorfatah Muhammad Dimyati
GEUS mulan-malén, Odik teu patanya jeung Ohim, adina. Éta téh sanggeus maranéhanana gelut ragot, ngabéla bebeneran soal Pemilu. Ayeuna kakara pacéntal-céntal deui. Odik ngarasa bener, yén Golongan Bodas alias Golbod téh bisa ngarobah kawijaksanaan nagara. Lamun kabéh raha­yat Golbod, nya tangtuna nagara bakal ngarobah kawijaksanaanana nu teu sapagodos jeung kahayang rahayat. Ari Ohim, lain deui pipikiranana. Aturan nagara geus méré lolongkrang, ku ayana Pemilu. Hasil tina Pemilu, bisa jadi nu ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara robah. Lamun urang ngilu Pemilu, heug nu saroléh jaradi anggahota legislatip, ogé Présidénna jelema soléh, meureun nagara bakal subur makmur. Atuh rahayat bakal sarugema hirupna. "Tacan tangtu, nu saroléh ­engkéna bakal amanah." Ceuk Odik. "Sok atuh ku sorangan robah ieu nagara. Sugan ari manéh mah bisa, da Golbod mah jelema suci." Ceuk Ohim bari ngaléos.**
Potrét Pemilu
Aini Mardiyah Sukirno
WANCI carangcang tihang di hiji pasar. “Milih mana ieu téh nya? Bi­ngung, nu ieu masih­an kaos. Nu itu masihan tudung.” saur Ceu Mia, bari mérésan dagangan. "Engké téh milih naon?” Ma Onah naros ti jongkona. “Milih wawakil di DPR, di Provinsi, sareng Kabupatén.” Bu Ina ngawaler. “Euleuh…” Ma ­Onah hookeun. Wanci sareu­reuh budak dihiji lembur. “Nyi, wayahna énjing kedah milih partéy ieu. Atos nyimpen di Désa duapuluh juta. Isin pami teu aya soraan di lembur ieu.” Pa Timsés meredih. “Bapa, naha wayah kieu kampanyeu? Pami pendak ku panwas, bakal ditéwak.” Carogé Nyi Imas nyampeurkeun. “Ulah geruh, pédah wé ka dulur.” Pa Timsés rada reu­was­eun. Teras amitan. Nyi Imas sareng Mang Opan ngajebian. Wanci pecat sawed. Bi Édah ka luar ti TPS. “Teuing nu mana, da loba. Mésakan duitna wé hungkul.” Wanci janari leutik di bumi hiji calég. Hapé disada, aya SMS. “Kang, ulah ambek. Di TPS ieu, éléh ku sawér.”**
Nu Paraséa
Mimin Wiati Tea
“…JIG, kaituh indit! sebel kami mah ngadengéna gé!” Kadenge sora Ma Unéh meni ngengkréng, ditémpas ku Ki Ija, salakina kawas nu embung éléh. “Heug, ari ari kitu mah, asal tong ditéang wé, ari butuh ku kami! ayeuna mah geus beda urang téh, teu cara baheula deui!” Kuring ngan bisa ngintip tina hordeng kamar. Katingali Ki Ija ngagejlig indit, bari jeung mawa bun­tel­an, teuing rék ka mana. Ari isukna, waktu kuring balik ti warung, papanggih jeung Kang Otong, anakna Ki Ija, panasaran ku kuring ditanya, kunaon indung bapana bet paraséa, tara-tara ti sasari. “Halaah…eta mah Ceu, gara-gara beda partey waktos nyoblos, kuat ka parasea kitu, angkat sasarengan, ari tos ngakurkeun di bumi benten, der silih ­sengklekeun, tungtungna mah paraséa we. Cenah ceuk bapa téh, partey nu ieu bageur mere sembako, ceuk si ema partey nu itu balabah babagi duit. Lieur abdi mah, keun wé ah, ­engké gé alakur deui, da tara tuman papisah,” ceuk Kang Otong bari ngaléos.**
Nyoblos Pamajikan
Kang Bibih
ISUK-isuk kénéh. Salim geus datang ka TPS. Ngahaja. Boga borongan macul di Haji Ohim. lumayan keur dahar Si Jalu cenah. Dua taun indungna teuing ka mana. Usaha di kota di tinggalkeun. Karunya budak leutik kénéh taya nu ngurus. Nya sagawé-gawé di lembur. Salim meunang giliran rada awal. Sanggeus dibéré opat lambar karetas suara. Bus ka bilik nu geus sadia. Bray. Salambar-salambar. Dipilihan. Najan weléh taya nu apal kana sipat-sipat jelemana. Nempo gambarna gé kakara harita, jajauheun ka wawuh mah. Teu burung Salim nyoblos nu cop jeung haté. Sanajan asa-asa. Bray. Keretas nu tinggal salambar. Gebeg! "Manéh Odah?" buru-buru keretas ditilepan deui. Song ka patugas. Gura-giru balik. Kasampak budak euweuh. Salim mimiti tagiwur. Bréh lebah juru imah. Meunang nalikung. Indungna nulak cangkéng. Karék saléngkah. Dor! Dor! Timah panas, nembus dada Salim jeung budakna. "Sia..! Mun teu modar bakal jadi bangbaluh aing..!"**
Ongkos Nyoblos
Ade Saeful Azis
SALASA, isukna nyoblos, pool elf Cipagentos Travel maréma. Calon penumpang geus teu sabar hayang geura-geura mudik. Sabot tunggu, kuring néang batur ngobrol. “Badé ka mana, Pa?” cekéng muka catur. “Badé ka Kuningan, Jang! Kaleresan ku pausahaan, di Palémbang, disiapkeun tikét PP. Lumayan lah ... Capéna mah capé, Jang! Sab Kemis geus kudu digawé deui. Nya, sakalian nyo­blos indung budak wé mudik téh!” jawab nu ditanya bari ngahéhéh. Rét ka kénca. Nu ngelepus bari ngaregot cikopi. “Badé ka mana, Mang?” cekéng. “Ka Majalengka, Cép!” hariweusweus. “Sanés di Pagarsih téh seueur elf?” “Pa­rinuh, puguh! Nya nyobaan wé ka dieu, keun baé rada mahal gé. Enya gé Mamang téh ukur tukang sayur, ari ­nyoblos mah resep di lembur, Cép! Bélaan nganjuk-ngahu­tang.” Ngadéngé jawaban kitu téh kuring ngadon ngahuleng. Ras, hayang pangongkos­an­keun, tapi teu gableg. Sab ku­ring gé bisa mudik téh pédah di­ong­kos­an ku Pa DKM tina kas ibnu sabil. Ma’lum, ukur marbot.**
Lunang
Gani Kandhiawan
HILIWIRNA angin peuting, awor jeung béja kiwari. Umbul-umbul kari tunggul, bandéra ukur ngélébét. Jubah Trias politika, isukan mapaés diri. Sugan te­pung jeung gindingna, ngawanohkeun demokrasi. Maridang di balandongan, digupay kembang bubuay. Dipirig kacapi indung, kariaan saréréa. Cau Raja cau ko­lé, galur raja ratu gedé. Aki Kuwu Tunggul Jaya, mapatkeun jampé ngasakeun. Kolénang kokolénangan, goong rénténg ngawirahma. Bongan angin mawa béja, nyalusup kana pamikir. Nyalusur jubah karuhun, Karamaan Karésian. Cisadané Cihaliwung, parandéné kapidangdung. Moal incah ti papagon, cindekna di Karatuan. Mudu nga­deg ajén ratu, mawa bagja tur daulat. Léos indit ka Cieunteung, seja ngariksa Ki Huis. Nyampak diri kantun awak, jubahna teu katingali. Kasebut golongan putih, pédah buuk pulas bodas. Guligah taya hinggana, isukan milih nu mana? Hawar-hawar sora Jaro, “Lunang, milu ka nu meunang.” Diraksukan jubah buhun, jubah Agung saku dua. Nu hiji eusina munding, sésana keur budak angon. Sihoréng sakuna loba, merekis pinuh ku gambar. Nagara saha nu boga?**
Sugan Lain Kalangkang
Erna Yuliana
BALÉBAT datang, hibar ti beulah wétan. Marengan hujan pangharepan. Kamari jeung mangkukna, réa sora jeung kahayang daratang. Jol sora ka kota. "Jaga mah bagja téh jang salaréa." Gancang ditéwak sugan enyaan. Sora jeung kahayang lumpat ka pilemburan. "Isukan hirup urang baris pinanggih jeung ka­huripan." Perténtang ngabibita kasenangan. Dicekelan sugan jeung sugan. Sora jeung kahayang datang ka masjid, ka masigit, ka jalma-jalma letik. "Tong hariwang pasti dibélaan." Ayeuna sora jeung kahayang diilikan. Mana nu bohong mana nu nyata? Bingung sorangan. Nu méré sora jeung kahayang diusapan. Gep ka na matana dicolok. Sugan waé ieu mata daék nempo ka nu dibobodo. Gep ka na ceuli dicoblos. Sugan ieu ceuli rék ngadéngé ka na haté anu simpé. Lebah otak dicolokan, sugan daék mi­kiran. Biwirna dicoblos sugan sorana teu ukur ngabohongan. Hirup lima tauneun ditandonkeun ka gambar jeung rupa nu teu apal saha, kumaha pangadatanana. Ukur harepan digantungkeun sugan amanah salawasna.**
Amanat
Rita Rosita
ANTENG ngenét, meungpeung sinyal alus, maca koran on-line. Berita lolobana warta para pamilon PEMILU. Kabéh tebar pesona, ngadadak jaradi sinterklas. Hayang kapeunteun. Lila-lila ongkék macana, teu ka­rasa biwir ngagerendeng, “kumaha maranéh wé ah teu kabita.” Réngsé maca berita, ngaklik éfbé. Aya inbok. Bray dibuka, eusina “tong golput!”. Héran saha jelema téh teu wawuh. Ditingali potoprofilna, aki-aki, buukna jabrig huis hungkul, janggot ngarumbay ngeplak bodas. Beungeutna Asa sarimbag jeung Zeus, Jupiter teuing siga Odin nu katelah Allfather. Aranna Untouchable. Inbok teu dibales. Keur uleng mikiran si Untouchable, jol deui inbokna, “kadé tong mimilu ngulinkeun kaayaan, siga cai ngamalir kamana karepna. Ke cunduk waktuna uga karuhun datang mawa sinatria pinilih nu bakal ngalelempeng nu béngkok, meruhkeun kasarakah­an jeung angkara. Bajuang nyalametkeun ieu nagri!” teu ngarti naon maksudna, iseng dijawab, “égépé.” Réngsé nginbok, pesss léptop pareum. Luak-lieuk lampu hurung. Bréh di hareupeun geus nyampak si Untouchable molototan curukna tutunjuk.**
Mantri Suntik
Aming T Firdaus
PA Endé pangsiunan Tentara, basa keur tugas, pa Endé kantos ditugaskeun dibagéan kaséhatan margi tiasa nya­geurkeun anak buahna disuntik. Ayeuna pa Endé ku warga dijenengkeun jadi Mantri Suntik, malah dipangnyieukeun tempat. Kaséhatan ngarana Waluya Raga. Loba warga nu ngadon uubar ka pa Endé, sakali suntik cageur. Dina unggal Pemilu tara katinggali pa Endé datang ka TPS, malah langsung indit ka tempat gawéna. Panasaran kuring hayang nyaho, indit ka tempat gawéna, pura-pura gering. "Naon nu karaos?" Ceuk pa Endé bari mariksaan awak kuring. "Rada jarangar mastaka!" Tembal kuring. Kulantaran pasén saeutik kénéh kuring nanya pa Endé "Teu nyolok pa?" "Bapa mah keur tugas dicarék ku pimpinan, ayeuna bapa teu nyolok, lamun ayeuna bapa nyolok meureun bapa biluk ka hiji golongan, sedengkeun pasén bapa teu diwilah-wilah rék nu sangsara atawa beunghar sarua diubaran!" Kuring unggut-unggutan.**
Ulah Leuwih
Ganjar Kurnia
NGELAT dirina sorangan, terus ni­kukur. Sorana sumbang, teu nincak ka titi laras, teu nincak kana wirahma, teu nincak kana wiletan. Catur tanpa bukur nu muncrat tina sungutna, jadi polusi; nambahan beuratna rénghapan rahayat nu geus eungap ku kahirupan. Ngitung mundur, anjog kana coblosan: nyamos!. Sirahna asa dikolécérkeun. Bayangan duit ladang nganjuk ngahutang, nu diawur salila mangsa kampanyeu jadi pikiran. Harepan jeneng di korsi kalungguhan, nga­dadahan. Jeprut, aya nu koslét dina uteukna. Kasaimbangan runtag. Koléang gubrag. Halusinasi. Leumpang ra­rampéolan, nuturkeun sora dangdut nu ngagembrung ti Ru­mah Sakit. Batur-batur samodél geus ngagimbung. Aya nu ngéngklak, aya anu pating kecewis, aya anu ngahahah, aya ogé anu ceurik: ngale­ngis. Salah saurang diantarana, orasi awong-awongan: “Salaku korban partisipasi pésta démo­krasi, kuring mere­dih, sangkan wawa­kil anu kapilih, bisa nga­wa­kilan kaom kuring anu garélo. Tapi, sok sanajan kitu, mugia anu ngawakilan, ulah leuwih gélo tibatan anu diwakilanna….”**
Serangan Fajar
Carwin
“HÉÉS téh tong tibra-tibra teuing euy...! Bisi katindihan eureup-euruep.” Pokna, bari nongtak anggel nu keur disaréan. Geledug! Sirah ngaburinyay kana lantéy. “Na ari nyanéh Émé! Heureuy téh sok kamalinaan.” Kuring cengkat. “Jam sabaraha ieu téh?” Rarat-rérét néangan jam. “Kakara ogé tabuh sate­ngah tilu.” Témbal Émé, bari tonghoy sidéngdang hareupeun durukan. Seuneuna ngelun. Beureum, nyaangan TPS 07 anu keur dijagaan. Gerung! Reg, ka­pireng Mobil eureun sisi jalan. Ronghéap dua jalma nyampeur­keun. “Sampurasun!” pokna. “Rampés!” Témbal Émé bari ngabagéa­keun ka dua tamu anu anyar datang. “Ki Sanak! Ulah reuwas jeung ulang geruh, kami datang ti Kantor KPU pusat, seja ngaboyong ieu keretas sora. Kulantaran aya kasalahan cita,” pokna, bari regeyeng-regeyeng éta keretas-keretas sora, anu numpuk luhureun méja. Kabéh diangkut. Geblus! Diasupkeun kana bahasi mobilna. “Tah! ieu keur gantina keretas sora,” pokna. Bari ngaléos ninggalkeun dua kardus gedé. Poé rebo, Isuk-isuk. Di TPS 07 géhgér. Bolay nyoblos euy...! Laju Silihséréd. Silihrebut sembako.**
Saruana
Hendi Ahmad Sarip
GEUS tilu kali, Kang Duloh kaajakan jadi patugas KPPS. Malah ayeuna mah kapeto jadi ketua sagala. Ngan hanjakal teu wareg ku buruh tugas nu ngan saayana. "Omat wartosan tim Bapa, dina waktosna teu kenging lepat nyebatkeun kode! Surat panggilan nu teu aya jalmina, engké disanggakeun sajumlah pesenan Bapa!" Kang Duloh haharéwosan ka Pa Engkus, tim suksés ti partéy Laleur Héjo, pidua­poé­eun deui ka pencoblosan. "Siap, Kang. Tah ieu konpénsasina. Pakét Duo dua puluh, Paket Super lima" Pa Duloh nyelapkeun amplop kana handapeun taplak bari rada culang-cileung, sieun aya nu nangenan. Dina méméh waktuna, patugas KPPS diobrolan heula ku Kang Duloh. Teu poho amplop "tutup mulut" keur masing-masing patugasna. "Ieu mah bonus KPPS. Urang mah teu jéré-jéréna acan caleg dina waktu mangku jabatannana." "Atuh urang bakal nyulayaan sumpah KPPS, Pa?" Néng Susi kurang panuju. "Pan mara­néh­annana gé sarua, sulaya kana sumpah jabatannana." Kang Duloh rada nyereng nyaritana.**
Fiksimini Basa Sunda lainnya klik www.fikminsunda.com

Galamedia Fun Run Cikole Corner Proneca